Kamis, 11 Oktober 2012

Review : Tanjeur Na Juritan Jaya di Buana (Sundanese)




Judul : TANJEUR NA JURITAN JAYA DI BUANA
Kandel buku  : 164 lembar
Pangarang : Yoseph Iskandar
Penerbit : PT Kiblat Buku Utama
Tahun terbit :1991



                Tanjeur Na Juritan Jaya di Buana ngagambarkeun kamekaran sajarah jeung kaayaan katut kahirupan urang sunda dina mangsa di Tatar Sunda ngadeg karajaan sunda dina abad 14-16 . Kalawan ngagunakeun sumber tina naskah – naskah pangeran wangsakerta jeung naskah-naskah dina basa Sunda kuna anu nepi ka ayeuna geus kabukti ku para ahli, Yosep Iskandar tapis pisan ngagambarkeun kahirupan jeung alam pikiran tokoh-tokohna .
            Carita dimimitian ku diayakeunna kumpul para pangagung , pangeusi kadaton keur nyampekeun ka prabu wangusitah . yeun sa nagara sunda geus percaya ka prabu wangisutah anjeunna pantes jadi gaganti raja sunda ayeuna  , seeur pertimbangan ti para pengagung salah sahijina prabu wangisutah geus nincak ka undakan satmata . para pangagung geus siap jadi tameng dada keur ngabuktikeun kakuatan nagri sunda ka karajaan majapait , oge ngabuktikeun kadigjayaan Nagri Sunda ka nagri-nagri sa-Nusantara . Ahirna mah Prabu wangisutah dinobatkeun jadi raja Karajaan Sunda nu anyar .Sanajan kitu Prabu Wangisutah anggeur ngarasa can pantes , ngan kapaksa para pangagung geus percaya ka anjeunna . Rapat di bubarkeun saeunggeus prabu wangisutah geus ninggalkeun pangdiukannana . jeung haying dibere sababaraha poe keur mastikeun narima atawa heunteuna eta karatuan.
            Ti wanci balebat keneh , Prabu wangisutah diuk dina saungan . manehna ngarasa bingung nu taya papadana , ku diparaksana ku para pangagung pikeun jari ratu Nagri Sunda nu sagemblengna . melong alona kitu prabu bunisora adipati ngadatangan manehna . Prabu Bunisora Adipati nyakinkeun alona yen pribadina geus pantes jadi karatuan , jeung disebutkeun undakan undakan nu geus ditincak ku diri Prabu Wangisutah . jeung dicaritakeun perang bubat ku pamanna . ngan aya hiji hal nu ngaganjel di hate prabu wangisutah , manehna haying nyaho kaayaan karajaan majapait saeunggeus perang bubat . manehna mutuskeun rek indit ka karajaan majapait jeung rakean hujung .
            Indit weh Prabu wangisutah jeung rakean hujuang naek kuda bari semu rada sedih ninggalkeun pamanna .geus satengah bulan kaliwat manehna geus nepi di hulu cipamali , di suku Gunung Agung. Manehna nanyakeun jalan kudu kamana ari ka majapait teh . dituduhkeun ku kolot manehna ka gunung dihyang ti dinya manehna indit ka gunung dieng , diomongkeun manehna murid ti dihyang . tidinya manehhna istirahat jeung sempet diajarkeun ngajieun anak panah malah mah Prabu Wangisutah bisa nyieun keris . dianteur ku dua pedati
            Ti dinya manehna indit ka puseur dayeuh majapait bari mawa pakarang nu dititipkeun . di tengah jalan papanggih ponggawa tuduh jalan keur indit ka puseur dayeuh majapait panggih jeung rampog basa istirahat dina pohon . eta rampog nu loba pisan bias di elehkeun ku siki jaatna prabu Wangisutah jeung rakean Hujung . manehna ditepangkeun sareng adipati , tuluy menta ditepangkeun deui jeung mahapatih . kaayaanna pikarunyaeun , prabu wangisutah basa papanggih jeung mahapatih haying pisan nanceblekeun eta sanjata ka mahapatih . kan eta amarah the bias ditahan , saeunggeus adipati jeung mahapatih lumayan seeur nyarioskeun basa perang bubat ,teu kungsi lila Prabu Wangisutah balik deui .
            Di tengah jalan pangbalikanna ngadenge kabar yen raja majapait teh tos maot , untung Prabu Wangisutah teu maehan , mun kajadian meureun bakal aya pertikaian nu dahsyat .saprak balikna Prabu Wangisutah the narima eta karatuan Nagri Sunda teh . kacida atohna eta pangeusi kedaton ku ayana prabu wangisutah . dina umur nu kaitung ngora keneh Prabu Wangisutah alus ngajalankeun kapamarentahanna . hiji mangsa prabu Wangisutah rek ngalongok Prabu Bunisora Adipati di Geger Omas . ngan teu di sangka-sangka Adi Bunisora Adipati maot didinya .
   Waktos teu karasa geus nincak taun 1377 masehi anak Prabu Wangisutah anu dua nyaeta , Sang Haliwungan jeung Sang Ningrat Kancana geus nincak masa rumaja . Prabu Wangisutah hayang ngajarkeun anakna hal anu hade . di inditkeun dua anak Prabu Wangisutah ka Binayapanti Jampang . hiji poe Prabu Wangisutah jeung Rakean Hujung ninggalkeun puseur Nagri Sunda . kacaritakeun duaan eta nepi ka di wewengkon Agrabinta . tapi nu bisa asup ngan Prabu Wangisutah . Rakean hujung cicing di imah pandita di baturan ku anakna pandita nyaeta ranisi . Prabu Wangisutah reuwaseun ningali eta duaan , kusabab geus ngalanggar sababaraha hiji dasasila. Prabu Wangisutah nitah Rakean Hujung kudu dihukum . mung akhirna mah ranisi jeung rakean hujung kudu dikawinkeun , ningali Ranisi ngabelaan Rakean Hujung . Indit Prabu wangisutah ka Banayapanti Jampang sorangan. Di Binapayanti Jampang, Prabu Wangisutah nepikeun maksudna nganjang kaditu, nyaéta rék diasupkeun ka Jampang sangkan diwarah kaprajutiran.
Hiji poe aya sawala-sawala ti majapait ,nyaeta rek naklukeun kabeh karajaan sa-Nusantara . Ku ngadenge kitu Prabu Wangisutah siap – siap bisi aya serangan ti Majapait . ku cara marigi sakuriling dayeuh Kawali . Isukna Prabu Wangisutah ngayakeun upacara suci ngaresmikeun dua batu prasasti di Sanghiyang Linggahiyang. Prabu Wangisutah ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagri Sunda, lawasna 103 taun, 6 bulan 15 poé. Umurna nu panjang, tepikeun ka bisa ngabandungan perlayana Hayam Wuruk, ngadéngé béja Nagri Majapait perang parégrég, perbut tahta tepi ka tumpurna. Kaadilan jeung kawijaksanaan Prabu Wangisutah anu meunang jujuluk Praburesi Buanatunggaldewa ngalantarankeun Nagri Sunda tanjeur na juritan jaya di buana.
            Ieu buku teh ngandung seueur amanat , urang tiasa nyandak nilai moral moral anu hade nu tiasa ku arurang diserap jeung diamalkeun dina kahirupan sapopoe sapertos sikep nu adil jeung wijaksana dina ngahareupan mangrupa hal .
            Ieu buku the layak dijadikeun bacaan keur arurang nu hoyong apal perjalanan Prabu Wangisutah dina ngahareupan seeur masalah boh masalah kanagaraan atawa hal nu nyangkut hal pribadi manehna . jeung di tengah tengah carita aya bumbu komedi nu bisa ngahibur arurang sadaya

RENGSE

1 komentar:

  1. kang punya bukunya gk? saya mau beli untuk melengkapi koleksi...

    BalasHapus

Thanks for visiting :)